July 07, 2014

Dongeng Sunda 'Turih Ku Pucuk Eurih'

Turih ku Pucuk Eurih

          Dina hiji poe isuk-isuk di pesisian leuweung, sisi gawir, kembang jeung dadaunan bangun gumbira moyan ku haneutna panon poe nu kakarak ngiang rek mayung ka luhur.
Kadenge aya lengkah ting korosak sora dadaunan jeung regang katincak, sing horeng aya barudak leutik duaan jigana mah adi lanceuk. Duka teuing naon nu diteanganna budak teh nu hiji mah ulak-ilik wae ka luhur tatangkalan,meureun sugan wae aya sayang manuk komo aya anak manukna mah keur cocooan adina. Teu kungsi lila terekel wae nu jadi lanceukna naekan hiji tatangkalan bari tetep ulak-ilik milah-milih keur muntang jeung tincakeun.Sajeroning kitu adina mah cingogo wae na jujukutan bari merhatikeun lanceukna diluhur tatangkalan.
          Geus rada lila lanceukna can oge beubeunangan bari lukat-leket kesang, bari hese ngaronjatna sayang manuk teh. Ti handap kadenge ku manehna sora adina hahariringan, pok na “Cing tulungan.. cing tulungan.. aya nu gagarayaman dina suku nyarocoan”. Ditembalan ku lanceukna “Usap wae ku panangan paling oge sireum atawa simeut”. Sababaraha kali adina ngan kitu jeung kitu wae hariringna.
          Panasaran nu jadi lanceuk nenjo adina ka handap reuwas teu aya bandinganana, hampir wae leungena leupas tina pamuntangan geningan adina teh keur dileugleug oray. Gancang wae manehna tuturubun turun rek moro adina tina sungut oray. Bingung kudu kumaha da si oray embung ngaleupaskeun. Bari awakna leuleus ngalempreh lanceukna ngadenge sora manuk “Cung klik.. turik..” sababaraha kali, lila-lila kadenge ku manehna jiga nu mere nyaho “Cung klik.. turik.. cung klik.. turik.. turih wae ku pucuk eurih..”. nya gancang wae manehna neangan daun eurih, nya diturihkeun kana awak oray. Lila-lila si oray ngalepaskeun awak adina, tuluy adina di gabrug, tuluy diakod dibawa balik.

No comments:


\