July 07, 2014

Carpon 'Sapatu Jarami Jajang Sang Jajaka'

Sapatu Jarami
Jajang Sang Jajaka

            Jaman baheula aya hiji jajaka tukang ngangon domba. Manehna teh hade hate tur hade budi, ngarana Jajang. Indungna Jajang teh randa, bapana Jajang tos pupus ti ngawitan Jajang dina kandungan. Jajang jeung indungna ngan hirup duaan dibaturan ku sapuluh dombana di luhur bukit nu loba tegal ilalang jeung jujukutan. Jajang teh budak nu babakti ka indungna jeung nyaah pisan ka domba-dombana.
Unggal poe Jajang ngangon domba ti isuk-isuk nepikeun ka burit, manehna nembang niup sulingna sangkan domba-dombana nuturkeun manehna ka kaki bukit rek neang jukut keur parab domba. Manehna oge sok meres susu domba jeung jualeun.
            Hiji poe manehna anteng pisan maenkeun suling bari gogoleran luhureun batu gede, sanajan eta domba-dombana oge anteng ngagayeum jukut-jukut. Poe eta panon poe teh meuni cangra, angin oget meuni sepoy-sepoy, asa dipepende si Jajng teh reup weh sare luhureun batu. Ujug-ujug awakna teh asa aya nu nyarocoan, ngan peureus karasana teh. Jajang jol beunta, manehna geura-geura tatih. Panon poe nu tadina cangra teh geus robah jadi hujan gede. Jajang geuwat lumpat, ngangon dombana mulih ka kandangna. Teu kahaja dampal sukuna kasura, tangtu wae da si Jajang mah ngan make karung goni nu geus barolong pikeun alas sukuna. Sanajan dampalna teh karasa peurih pisan, manehna teras bajuang balik ka imah bari mingpin domba-dombana dina deresna hujan.
            Sasampena di imah, manehna geura-giru ngasupkeun domba-dombana ka kandang. Ngan asa aya nu teu ilahar. Pas diitung, dombana teh ngan aya dalapan, hartina dombana si Jajang teh leungit dua. Manehna reuwas pisan, bingung dimana dua domba eta teh leungit, jeung hariwang bisi aya nanaon kana dombana, bisi dirontok maung, atawa tigebrus ka walungan. Manehna bener-bener hariwang pisan, Jajang jadi paciweuh teu puguh. Ningali polah budakna, indungna Jajang ngageroan “Jajang.. keur naon atuh maneh teh, geura asup! Bisi gering”. Jajang nembalan bari cirambay “Emma.. si Richard jeung si Roberth leungit! Oh Emma.. sim kuring kudu kumaha atuh.. kumaha..”, “Pilarian atuh.. tos lah tong ngagalau, geuleuh ningalina. Sok geura pilarian. Ku Emma didoakeun”. Bari cirambay keneh manehna lumpat ala bollywood rek milarian si Richard jeung si Roberth. Hujan geus rada leler, ngan panon poe geus rek surup. Jajang teras milarian dua dombana. Sajajalan manehna maenkeun sulingna, ngageroan domba-dombana. Manehna kuralang-kuriling bari terus nembang.
Harita panon poe geus surup, langit geus poek deui wae ngan dicaangan ku sababaraha bentang tingkaretip. Namung Jajang teu pegat pangharepan.
            Ujug-ujug aya cahya nu caang ngempray tina luhur bukit nu teu jauh teuing, manehna panasaran timana asalna cahya nu caang eta teh. Jol weh manehna dihandapeun batu nu gede pisan. Manehna manjat ka sumber cahya tadi “Cahya naon ieu teh, naha tiasa kaluar tina guha? Ehh kela.. asana mah euweuh guha di daerah dieui”.
“Jang.. Jajang.. Jajang..” kadenge sora awewe haharewosan nyebat namina. Jol weh aya awewe anu pohara geulisna kaluar ti guha, manehna imut ngalenyu ka Jajang “Jajang.. ieu domba anjeun. Sok piara sing soson-soson. Sim kuring uninga yen anjen teh hade hate tur hade budi. Mangga lebet, candak naon nu anjeun pryogi. Salian ti eta, ieu aya sapatu jarami sangkan anjeun teu kasura deui”. Jajang asup ka jero guha, panonna molotot ningali emas, parhiasan, jeung pakaya sejenna ngagunung tingkaletip. “Hatur nuhun. Sapatu ieu geus cekap, abdi teu pryogi nanaon deui. Sadayana tos cekap, abdi sareng pun biang tos bagja”.
            Ngadangu walerna Jajang, awewe eta imut deui, teras leungit teuing kamana babarengan jeung leungitna pakaya sarta guha tadi. Jajang teu kapalang bingungna, nu nyesa ngan sapatu jarami dina geunggeumanna.
lantaran tos manggihan si Richard jeung si Roberth, Jajang geura balik lantaran tos peuting pisan. Jajang nyobian sapatu jarami nu dibere ku awewe tadi, sapatu eta teh meuni ngeunah dipakena, meuni hipu jeung haneut karasana. Saatos kitu manehna nembang sulingna deui nungtun dombana mulih ka kandangna.
            Kawas biasana unggal poe Jajang ngango domba-dombana, ngan ayeuna ayanu beda. Ayeuna Jajang make sapatu jarami. Manehna bungah pisan nganggo eta sapatu. Bari ngangon dombana, manehna jadi resep lulumpatan jeung aajlengan, bari nembang sulingna. Manehna pohara bagjana, resep pisan kana sapatu jarami eta, jaba nu merena teh geulis pisan. Tapi, lantaran resep pisan ka sapatu jarami eta, manehna ngan mentingkeun sapatu eta. Manehna jadi teu pokus ngangon jeung teu pokus ngerjakeun kagiatan sejenna.
            Nepikeunka hiji poe, waktu manehna keur ngangon, dampal sukuna meuni karasa ateul pisan. Pas si Jajang rek ngagaro dampal sukuna, eta sapatu teh teu bisa dileupas deui, tuluy mawa lumpat si Jajang. Si Jajang tingberecit lulumpatan tutuluyan nepikeunka burit. Manehna geus cape, geus teu kuat deui. Manehna jojorowokan nyuhunkeun ampun, manehna jangji yen manehna moal leuleuwiheun resep ka hiji hal, manehna moal ninggalkeun kawajiban deui. “Sim kuring jangji moal leuleuwiheun resep ka hiji hal, moal ninggalkeun kawajiban deui.. moal deui! Sim kuring kapok!”. Reup weh eta sapatu cicing. Jajang mangap-mangap ngos-ngosn.
            Ti mimiti eta, Jajang hirup bagja saayana, moal napsu resep leuleuwiheun, lantaran nyaho yen eta teh moal bener.

No comments:


\